Tembang Cianjuran

Daweung diajar ludeung

Papatét
Padjajaran kari ngaran
Pangrango geus nari kolot
Mandalawangi ngaleungit
Nya dayeuh ngajadi leuweung
Nagara geus lawas tiwas
Saburakna padjajaran
Di gunung gumuruh suwung
Geus tilam jeung nagarana

Teja Mantri
Hayang ceurik jejeritan
Sing tarik maratan langit
Cua ku lampah sorangan
Mikiran nu lain-lain
Sakapeung abdi mikir
Hoyong gaduh élmu ngapung
Si Pengkuh tangtuna beunang
Dijingjing diguwang gawing
Rek diteundeun dina mega pangluhurna




Mupu Kembang
Dewi Asri tanding leuwih
Baraja Inten gumilang
Puputon putri kadaton
Pamidangan pajajaran
Panyileukan sadayana
Turunan gunung gumuruh (geuning)
Pencaran salaka domas

Bur burinyay bar baranyay
Siga bentang kabeurangan
Siga ci ibun maruntang lain
Lain ci ibun maruntang
Horeng dewata keur leumpang
Dewa nyatana manusa (geuning )
Dewi Asri tanding leuwih