Jumat, 21 Mei 2010

Rajah

RAJAH PAMUKA

Amit ampun nun paralun ka Gusti....
Nu maha,. suci.....
Neda pangjihat pangraksa,.
Para abdi-abdi,. seni,.
Seja ngaguar , ngararatan
Titis waris nini,.. aki..
Nembatkeun jalan naratan katampiyan geusan mandi,
Ka leuwi sipatahunan, leuwi nu ngaruncang diri-diri anu sakiwari,.
Rek muru lulurung tujuh, ngaliwat ka Pajajaran bongan hayang pulang anting
Padungdengan-padungdengan jeung usikna pangancikan,
pun,. sapuun,.
Sampuuu,............rassunn karunuhun ,kahiyang......
Prabu Sili,......... wangi..
Nur pati pajajaran,
Pangaoban seuweu, siwi...
Nukelar di tatar sunda,.
Muga nyebarkeun pang panggeuing

Tidak ada komentar:

Posting Komentar