Senin, 30 Januari 2012

Rajah

Rajah Pajajaran nu ka hiji Amit ampun nya paralun Neda panjang nya hampura Kaluhur ka salumuhun Ka batara ka batari Ka batari nagarumpi Amit ngahudangwayangkeun Amit ngahudang wayangkeun ngusik-ngusik nu keur tapa Kasadaya para déwa Para déwata neda sukma Ka Pohaci neda suci Ayeuna amit rék ngawih Sri Baduga Maharaja anu ngageugeuh Pajajaran dayeuh di lingkung ku gunung Gunung ti kulon ti wétan gunung ti kidul ti kalér nagara tawang gantungan Nun Gusti nu Maha Agung nu ngayuga alam kabeh parekna ka jatrana Nembat hurip ti Jatina leupas ti janggalak sétan Mugi gusti kami nyuhunkeun